B. Daerah

Pertanyaan

Naon Eusi sajak priangan karya rahmat m. Sas karana. terima kasih

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Sajak
    Kelas : XI (2 SMA)
    Pembahasan :

    Sajak kaasupna kana karya sastra dina wangun ugeran atawa puisi. Ditilik tina wangun rumpakana, aya dua rupa puisi, nyaeta puisi anu kaiket ku aturan jeung puisi anu henteu kaiket ku aturan. Sajak kaasupna kana wangun puisi anu henteu kaiket ku aturan. Conto puisi Sunda lianna, salian ti sajak, anu henteu kaiket ku aturan nyaeta kawih, pupujian jeung mantra. Sedengkeun conto puisi Sunda anu kaiket ku aturan nyaeta wawacan, guguritan jeung sisindiran.

    Eusi anu aya dina sajak Priangan nyaeta kaendahan tanah Priangan teh diibaratkeun siga geulisna mojang anu lenjang tur semu hideung, mulus jeung beresih. Tanah Priangan unggal teh poe kasinaran ku panon poe. Sedengkeun dina waktu peuting tanah Priangan teh dipepende ku cahaya bulan. Kubakat mikacinta, anu nyieun ieu sajak teh, nepi ka nyebut jungjunan atawa hartina kabogoh ka tanah Priangan. Anu nyieun ieu sajak oge cenah lamun engke puput umur atawa maot, hayang dikurebkeun di tanah Priangan.

Pertanyaan Lainnya