B. Daerah

Pertanyaan

Tolong bantu jawab! Sebutkeun jeung jelaskeun papasingan rumpaka kawih mun nilik kana jejer jeung eusina. Max 3

1 Jawaban

  • Nilik kana jejer jeung eusina aya sawatara rupa rumpaka kawih nyaeta saperti kawih anu jejer atawa temana ngeunaan pahlawan, cinta, kaendahan alam, kadaharan jeung sajabana ti eta. Kawih nyaeta salahsahiji rupa lagu Sunda. Lagu Sunda lianna salian ti kawih nyaeta saperti kakawihan jeung tembang.

    Pembahasan

    Jejer atawa tema nyaeta salahsahiji unsur nu aya dina rumpaka kawih. Jejer nyaeta gagasan pokok anu rek ditepikeun ku pangarang ka anu maca kawih. Unsur lianna nu aya dina rumpaka kawih, salian ti jejer, nyaeta nada jeung suasana, rasa, sarta amanat. Di handap ieu nyaeta conto judul kawih dumasar kana jejer atawa temana:  

    1. Conto kawih anu jejerna ngeunaan pahlawan : pahlawan toha, dewi sartika, karatagan pahlawan, karatagan pamuda Indonesia
    2. Conto kawih anu jejerna ngeunaan kaendahan alam : tanah sunda, alam priangan, angin priangan, babakan siliwangi, pengkolan jalan cikajang.
    3. Conto kawih anu jejerna ngeunaan cinta : es lilin, bentang panyileukan, asih abadi, kabogoh jauh, anjeun.
    4. Conto kawih anu jejerna ngeunaan kadaharan : borondong garing, peuyeum bandung, surabi haneut, colenak, tahu sumedang.

    Jejer rumpaka kawih henteu ngan saukur ditangtukeun ku judul atawa kekecapan nu aya dina rumpaka kawih, tapi ditangtukeun ku eusi atawa maksud eta rumpaka kawih. Saperti dina kawih Es Lilin, sanajan eta judul jeung rumpaka kawih teh miboga kekecapan ngeunaan kadaharan, nyaeta es lilin, jejer kawih Es Lilin lain ngeunaan kadaharan tapi ngeunaan asamara atawa cinta.  

    Pelajari lebih lanjut

    • Contoh kawih https://brainly.co.id/tugas/433806
    • Perbedaan kawih jeung pupuh https://brainly.co.id/tugas/330707
    • Kawih, kakawihan jeung tembang https://brainly.co.id/tugas/6730910

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : XI

    Mapel : Bahasa Sunda - Kawih

    Bab : 1

    Kode : 11.13.1

    Kata Kunci : Kawih, tembang

Pertanyaan Lainnya